Watek Pupuh
Saur para ahli, saban pupuh ngabogaan watek masing-masing. Hartina aya kahususan yen saban-saban pupuh digunakeun pikeun nyaritakeun pangalaman atawa pikeun ngedalkeun maksud jeung tujuan. Hal ieu teh dicekel deleg kunu ngarang wawacan. Di luar eta mah aya bae anu karangannana pasalia jeung watek pupuhNya ieu watek saban-saban pupuh:
- Kinanti paranti nyaritakeun rasa silih asih
- Dangdanggula paranti nyaritakeun kabungahan anu pohara
- Sinom paranti nyaritakeun kabungahan
- Asmarandana paranti nyaritakeun pangalaman katarik asmara
- Pangkur paranti nyaritakeun nu ngalalana
- Pucung paranti nyaritakeun wawaran
- Maskumambang paranti nyaritakeun kasedihan
- Mijil paranti nyaritakeun nyangharepan nu pikabingungeun.
- Durma paranti nyaritakeun kaambek atawa kaayaan perang
- Wirangrong paranti nyaritakeun nu kawiwirangan
- Balakbak paranti nyaritakeun lulucon.
- Gambuh paranti ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
- Gurisa paranti ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
- Juru Demung pikeun ngagambarkeun rasa kabingung atawa kasusah kana naon anu kudu dilakukeun.
- Lambang paranti ngagambarkeun lulucon atawa banyol anu ngandung perkara anu kudu dipikirkeun.
- Ladrang paranti ngagambarkeun lulucon atawa banyol pikeun maksud nyindiran
- Magatru paranti ngagambarkeun rasa kasedih atawa kaduhung ku kalakuan sorangan atawa nu eusina nasehat.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar