Aturan Pupuh
Malenan nu geus kacatur di luhur, karangan dibagi kana dua golongan:- Basa Lancaran (prosa)
- Basa Ugeran (puisi)
Ari basa ugeran kauger ku aturan-aturan, anu kaasup kana basa ugeran aya opat golongan nyaeta pupuh, sisindiran, wawangsalan, jeung sajak.
Ari anu jadi aturan pupuh, utamana aya tilu:
1. Lobana padalisan (jajaran dina saban pada )
Conto:
Kinanti, sakalieun nembangkeun aya genep padalisan (jajaran).
2. Lobana engang (suku kata) dina saban padalisan.
Conto:
Bu-dak leu-tik bi-sa nga-pung (padalisan ieu engangna aya dalapan, sora engang panungtungna “u” dina kecap “pung”)
3. Sora engang panungtung.
Contona :
Pupuh kinanti
Sapadana aya 6 padalisan.
Padalisan kahiji : 8 engang, dina engang panungtung
u (8u)
Padalisan kadua : 8 engang, dina engang panungtung
i (8i)
Padalisan katilu : 8 engang, dina engang panungtung
a (8a)
Padalisan kaopat : 8 engang, dina engang panungtung
i (8i)
Padalisan kalima : 8 engang, dina engang panungtung
a (8a)
Padalisan kagenep : 8 engang, dina engang panungtung
i (8i)
Ngarah babari ngapalkeunnana, sebut bae :
Kinanti : du di da di da di
Coba tengetah ieu pupuh kinanti guguritan kembang eros!
Padalisan kahiji : kembang ros ku matak lucu
Padalisan kadua : nya alus rupa nya seungit
Padalisan katilu : henteu aya papadana
Padalisan kaopat : ratuning kembang sajati
Padalisan kalima : Mustikaning patamanan
Padalisan kagenep : seungit manis ngadalingding
Ieu conto rumus anu sejenna:
Pupuh Sinom: da, di, da, di, ti, du, ta, di, duba (=12, kudu 4 engang ditambah 8 engang bari sora panungtungna kudu “a”))
Pupuh Asmarandana : di, da, de/do, da, ta, du, da.
(Hanca)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar