Sisindiran
Sakumaha anu geus kasebut di luhur, sisindiran oge kaasup kana basa ugeran, cindekna karangan anu kauger ku aturan-aturan.Sindir hartina sisi. Nyindiran hartina ngaguehgeuykeun ku cara malibir, henteu poksang.
Sisindiran dina basa Indonesia disebutna pantun. Umumna 4 jajar, ari nu 6 jajar, dina basa Indonesia disebut talibun.
Aturan sisindiran :
- Umumna 4 jajar, tapi aya oge anu 6 jajar atawa leuwih malah aya nu disebut sisindiran dangding, nu kieu mah nurutkeun aturan pupuh.
- Nu 4 jajar, 2 jajar nu tiheula disebut cangkangna.
- Dua jajar nu pandeuri disebut eusina.
- Jajaran nu kahiji kudu murwakanti jeung jajaran nu katilu.
- Jajaran nu kadua kudu murwakanti jeung jajaran nu kaopat.
- Saban jajaran umumna 8 engang, tapi aya oge anu kurang atawa leuwih.
- Rarakitan
- Paparikan
Ka leweung geura ka leuweung
Geura meuncit meri deui
Ka deungeun geura ka deungeun
Geura nganyenyeri deui
Paparikan tina kecap parek (basa Jawa) hartina deukeut. Eta sababna sisindiran kudu murwakanti, hartina padeukeut sorana.
Nurutkeun eusina sisindiran bisa rupa-rupa : aya silih asih, lulucon, nyindiran, nasehat jeung sajabana.
Geura ieu aya sababaraha sisindiran, coba tengetan naon eusina ?
- Majar maneh rek ka huma
Majar maneh rek karunya
Lila-lila nganyenyeri
- Kajeun teuing te disamping
Kajeun teuing teu dikawin
Supaya patembong bae
- Dulugugdag dulugdugdag
Nu budug diudag-udag
Ku dokter rek diubaran
- Mawa peti dina sundung
Pangarti teu beurat nanggung
Tapi mangpaatna panjang
- Jeruk purut Cikaruncang
Camberut hayang ka bujang
Taeun laer teu karasa
- Jeruk purut Cikaruncang
Camberut hayang ka lanjang
Taeun laer teu karasa
- Sagaranten sagaranten
Hapunten mugi hapunten
Sadaya kalelepatan
- Cikuray gunung Cikuray
Paturay urang paturay
Mugia patepang deui
- Kembang puring Cikaruncang
Simkuring sarencang-rencang
Nyanggakeun wilujeng sumping
10. Kembang puring Cikaruncang
Dipelakan waluh Jepang
Sim kuring sarencang-rencang
Nyanggakeun wilujeng tepang
11. Leumeung liwet cocongoan
Handapeun tangkal kelewih
Meungpeung caket sosonoan
Enjing mah urang patebih
Sisindiran teh budaya urang Sunda, loba pisan anu geus jadi milik masarakat Sunda. Sim kuring pangangguran nyatet eta sisindiran sihoreng nepi ka aya leuwih ti 120. Anu tangtu ieu teh sabagian leutikna anu geus sumebar di masarakat.
Di luhur kungsi disebutkeun yen aya nu disebut sisindiran dangding. Nya ieu di handap conto-contona :
- 1. Pupuh : Sinom
Lagu : Kapati – pati
Cangkangna :
Koleang kalakay pandan
Kaos handapeun pipinding
Hayam kate saba empang
Momonot sareng japati
Parabna kembang gambir
Nginumna gula jeung madu
Obat disalin ruhak
Kuciat jadi di pipir
Daun bakung pisitan buah kokosan
Eusina :
Soreang sanes teu hayang
Ngan rumanos sanes tanding
Hayang mah ti barang tepang
Sumedot rasaning ati
Ngan bati nahan pikir
Nahan rasa liwung kalbu
Tobat teu pisan ngunghak
Mung teu kiat nahan pikir
Ka nu jangkung mikiran munggah hoshosan
- 2. Pupuh : Kinanti
Lagu :..........
Cangkang :
kukupu tilu kulawu
Harimumu hideung teuing
Cat mancat ka bale pulang
Ngait mayang ku kareumbi
Badoang manuk badoang
Eunteup dina paku haji
Eusina:
ku lucu nu hideung huntu[1]
Imut matak nineung teuing
Tobat sanes henteu melang
Ngait pikit ti pandeuri
Antosan juag[2] antosan
Engkang moal cidra janji
- 3. Pupuh : Asmarandana
Lagu : Randegan
Cangkang:
Kapipihi dina kopi
Paehna (di) pacok oray
Orayna paeh kapoe (paeh kapoe)
Ninggang di situ talaga
Talaga Papandayan (geuning jangkung Papandayan)
Pangauban kebo wulung
Pangguyangan meong sancang
Eusina : hilap deui
- 4. Pupuh : Kinanti
Lagu : Degung
Cangkang:
Parahu laju didayung
Sartana make kamudi
Tarik jangkar beber layar
Nyiriwik katebak angin
Ngerab-ngerab banderana (dunungan duh banderana)
Gugupay bangun prihatin
Eusina :
hilap deui
- 5. Pupuh : Asmarandana
Lagu : pamuradan
Cangkang:
Pamuradan Jatipiring
Terusan Desa Pagundan
Laju ka Kuninan bae
Ciangsana Panulisan
Cihideung Wanayasa (Wanayasa)
Aya haur sisi sumur
Kubang tengah pasawahan (Pasawahan)
Eusina:
Juragan[3] kumaha kuring
Rarasaan asa gundam
Lalesu teu nangan bae
Ari ras ku kawaasan
Keukeuh nineung nalangsa (nineung nalangsa)
Suka dicabut nya umur
Tinimbang jeung pipisahan (pipisahan)
- 6. Pupuh : Asmarandana
Lagu : Bungbulang
Cangkang:
Bungbulang dina kelewih
Pacar tere kaanginan
Suuk melentung di kebon
Bubuk piring pakauman ( ya pakauman)
Bendungan di sisi situ
Peusing saha di panjara
Eusina:
Mangga agan[4] geura mulih
Bilih tereh kauninga
Kumaha lamun kadongdon
Ulah waka luluasan
Bok bilih kenging hukuman (kenging hukuman)
Mugi agan ulah kitu
Ulah nyangsara salira
(Hanca)
[1] Baheula mah nu dianggap alus teh huntu nu hideung, nu dimati disebutna, jeung harita mah huntu teh sok digusar.
[2] Kecap Juag dipake pikeun sebutan kadeudeuh
[3] Juragan sebutan pamimpin baheula
[4] Agan pondokna tina juragan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar