Rabu, 13 April 2011

Kasusastraan Sunda; Wawangsalan (Bagian Kadalapan)

WAWANGSALAN
Sakumaha nu geus kacarita tiheula, salah sahiji anu sok dipake mapaesan karangannana tehnya eta  wawangsalan.
Dina wawangsalan mah kecap nu dimaksud teh disumputkeun, diganti ku kecap sejen. Nya ieu di handap conto-contona:
1. Bangbung hideung panyeureudan = bangbara
Maksudna = kilangbara
2. Ngabulu kawung, bulu kawung = injuk
Maksudna = nganjuk
3. moal aya nu monyet hideungna. Monyet hideung = lutung
maksudna = moal aya untungna
4. Geus ngembang boled. Kembang boled = atela
Maksudna = geus tetela/ geus nyata
5. Budak ngembang tiwu. Kembang timu = badaus
Maksudna = budak mawa karep sorangan, teu nurut kana papatah
6. Nyiruan genteng cangkengna = papanting
Maksudna = pulang anting/bulak-balik
7. Teu beunang diopak kembung. Opak kembung = kolontong
Maksudna = teu beunang dientong-entong
8. Teu beunang disupa dulang. Supa dulang = kejo
Maksudna = tue beunang dibebenjokeun
9. Beulit cinggir simpay tangan = ali
Maksudna = ulah lali
10.  Untun tipung tambang beas = laksa
maksudna= mugia pareng laksana
11.  Hayang kapalupuh nangtung. Palupuh nangtung = bilik
Maksudna = hayang kapimilik
12.  Teu beunang dihurang sawah. Hurang sawah= simeut
Hartina = teu beunang dipikameumeut
13.  Ngadahan peunggas = ngadorokdok
Maksudna = ngadadak
14.  Nganjing cai. Anjing cai = sero
Maksudna = ngaheroan
15.  Belut sisit saba darat = oray
Maksudna = kapiraray, kagambar bae dina ingetan
16.  Jeung sajabana
Aya deui anu disebut Wawangsalan Dangding nya ieu di handap conto-contona :
1. Pupuh      : Sinom
Guguritan    : Balandongan ngujur jalan
Lagu            : Cirebonan
                   Balandongan ngujur jalan = elos
                   Sok hayang los wae indit
                   Kendang gede pakauman = bedug
                   Dag-dig-dug rasaning ati
                   Bale direka masjid = tajug
                   Nya pikir bati rumanjug
                   Tegal tengah nagara = alun-alun
                   Laun-laun sugan jadi
                   Emas ancur sakieu nya karipuhan. Emas ancur = sipuh
2. Pupuh      : Dangdangdugla
guguritan     : Kembang Cau
lagu             : Bayubud
                   kembang cau jantung ati kuring
                   tungtung heurap jungjungan pun engkang
                   bolang situ buah hate, (tarate)
                   kulah jero timbang umur, (sumur)
                   sumur deet ulah bon diri (kulah)
                   mute beureum najan nyawa (pati/maot)
                   sumeja kahatur.
                   Kalakay daun kalapa (barangbang)
                   Bisa temen ngabingbangkeun ati kuring
                   Cangkir gedah sing welas (gelas)
4. Pupuh               : Dangdangula
    Guguritan         : Mega beureum (Wawangsalan dangding)
    Lagu        : Bayubud
                   Mega beureum bijilna geus burit = layung
                   Ngalanglayung panas pipikiran
                   Cikur jangkung jahe koneng = panglay
                   Naha teu palay tepang
                   Buah amis di sisi cai = amis mata/amis panon
                   Ari ras cimataan
                   Gedong tengah laut (kapal)
                   Ulah kapalang nya bela
                   Paripaos gunting pameulahan gambir = kacipta
                   Kacipta sapapaosna
  1. Tarucing : Pupuh kinanti
            Abdi gaduh manuk alus
            Dipeserna dua duit
            Ewed pingaraneunanan
            Silokana ekek leutik
            Kurungna gegerelengan
            Sumeredet pikir abdi ( maksudna manuk serenet)
5.         Sandiasma, Kinanti
            Au nulis ja katunjung (ju)
            Wa campaka ra malati (wa ri)
            Ya campaka matining ha (yah)
            Anu keur diajar nganggit
            Aya di dayeuh Limbangan
            Mugi-mugi maksud hasil
(Jenengan nu nyerat teh Juwariyah)
(Hanca)

Kasusastraan Sunda; Sisindiran (Bagian Katujuh)

Sisindiran
Sakumaha anu geus kasebut di luhur, sisindiran oge kaasup kana basa ugeran, cindekna karangan anu kauger ku aturan-aturan.
Sindir hartina sisi. Nyindiran hartina ngaguehgeuykeun ku cara malibir, henteu poksang.
Sisindiran dina basa Indonesia disebutna pantun. Umumna 4 jajar, ari nu 6 jajar, dina basa Indonesia disebut talibun.
Aturan sisindiran :
  1. Umumna 4 jajar, tapi aya oge anu 6 jajar atawa leuwih malah aya nu disebut sisindiran dangding, nu kieu mah nurutkeun aturan pupuh.
  2. Nu 4 jajar, 2 jajar nu tiheula disebut cangkangna.
  3. Dua jajar nu pandeuri disebut eusina.
  4. Jajaran nu kahiji kudu murwakanti jeung jajaran nu katilu.
  5. Jajaran nu kadua kudu murwakanti jeung jajaran nu kaopat.
  6. Saban jajaran umumna 8 engang, tapi aya oge anu kurang atawa leuwih.
Nurutkeun wangunna, sisindiran dibagi :
  1. Rarakitan
  2. Paparikan
Conto rarakitan :
Ka leweung geura ka leuweung
Geura meuncit meri deui
Ka deungeun geura ka deungeun
Geura nganyenyeri deui
Paparikan tina kecap parek (basa Jawa) hartina deukeut. Eta sababna sisindiran kudu murwakanti, hartina padeukeut sorana.
Nurutkeun eusina sisindiran bisa rupa-rupa : aya silih asih, lulucon, nyindiran, nasehat jeung sajabana.
Geura ieu aya sababaraha sisindiran, coba tengetan naon eusina ?
  1. Majar maneh rek ka huma
Ka cai ngajingjing kendi
Majar maneh rek karunya
Lila-lila nganyenyeri
  1. Kajeun teuing te disamping
Supaya karembong bae
Kajeun teuing teu dikawin
Supaya patembong bae
  1. Dulugugdag dulugdugdag
Tumpak motor ka Banjaran
Nu budug diudag-udag
Ku dokter rek diubaran
  1. Mawa peti dina sundung
Diwadahan ku karanjang
Pangarti teu beurat nanggung
Tapi mangpaatna panjang
  1. Jeruk purut Cikaruncang
Jambu aer Wanayasa
Camberut hayang ka bujang
Taeun laer teu karasa
  1. Jeruk purut Cikaruncang
Jambu aer Wanayasa
Camberut hayang ka lanjang
Taeun laer teu karasa
  1. Sagaranten sagaranten
Sagaranten parapatan
Hapunten mugi hapunten
Sadaya kalelepatan
  1. Cikuray gunung Cikuray
Nyorang ka Jalupang deui
Paturay urang paturay
Mugia patepang deui
  1. Kembang puring Cikaruncang
Dipelakna dina lamping
Simkuring sarencang-rencang
Nyanggakeun wilujeng sumping
10.  Kembang puring Cikaruncang
Dipelakan waluh Jepang
Sim kuring sarencang-rencang
Nyanggakeun wilujeng tepang
11.  Leumeung liwet cocongoan
Handapeun tangkal kelewih
Meungpeung caket sosonoan
Enjing mah urang patebih
Sisindiran teh budaya urang Sunda, loba pisan anu geus jadi milik masarakat Sunda. Sim kuring pangangguran nyatet eta sisindiran sihoreng nepi ka aya leuwih ti 120. Anu tangtu ieu teh sabagian leutikna anu geus sumebar di masarakat.
            Di luhur kungsi disebutkeun yen aya nu disebut sisindiran dangding. Nya ieu di handap conto-contona :
  1. 1.     Pupuh          : Sinom
Gururitan    : Koleang kalakay pandan
Lagu             : Kapati – pati
Cangkangna :
Koleang kalakay pandan
Kaos handapeun pipinding
Hayam kate saba empang
Momonot sareng japati
Parabna kembang gambir
Nginumna gula jeung madu
Obat disalin ruhak
Kuciat jadi di pipir
Daun bakung pisitan buah kokosan
Eusina :
Soreang sanes teu hayang
Ngan rumanos sanes tanding
Hayang mah ti barang tepang
Sumedot rasaning ati
Ngan bati nahan pikir
Nahan rasa liwung kalbu
Tobat teu pisan ngunghak
Mung teu kiat nahan pikir
Ka nu jangkung mikiran munggah hoshosan
  1. 2.     Pupuh                  : Kinanti
Guguritan           : kukupu tilu kulawu
Lagu                    :..........
Cangkang :
kukupu tilu kulawu
Harimumu hideung teuing
Cat mancat ka bale pulang
Ngait mayang ku kareumbi
Badoang manuk badoang
Eunteup dina paku haji
Eusina:
ku lucu nu hideung huntu[1]
Imut matak nineung teuing
Tobat sanes henteu melang
Ngait pikit ti pandeuri
Antosan juag[2] antosan
Engkang moal cidra janji
  1. 3.     Pupuh          : Asmarandana
Gugurian     : Kapipihi
Lagu             : Randegan
Cangkang:
Kapipihi dina kopi
Paehna (di) pacok oray
Orayna paeh kapoe (paeh kapoe)
Ninggang di situ talaga
Talaga Papandayan (geuning jangkung Papandayan)
Pangauban kebo wulung
Pangguyangan meong sancang
Eusina                  : hilap deui
  1. 4.     Pupuh          : Kinanti
Guguritan  : Parahu laju didayung
Lagu          : Degung
Cangkang:
Parahu laju didayung
Sartana make kamudi
Tarik jangkar beber layar
Nyiriwik katebak angin
Ngerab-ngerab banderana (dunungan duh banderana)
Gugupay bangun prihatin
Eusina :
hilap deui
  1. 5.     Pupuh          : Asmarandana
Guguritan    : Pamuradan Jatipiring
Lagu             : pamuradan
Cangkang:
Pamuradan Jatipiring
Terusan Desa Pagundan
Laju ka Kuninan bae
Ciangsana Panulisan
Cihideung Wanayasa (Wanayasa)
Aya haur sisi sumur
Kubang tengah pasawahan (Pasawahan)
Eusina:
Juragan[3] kumaha kuring
Rarasaan asa gundam
Lalesu teu nangan bae
Ari ras ku kawaasan
Keukeuh nineung nalangsa (nineung nalangsa)
Suka dicabut nya umur
Tinimbang jeung pipisahan (pipisahan)
  1. 6.     Pupuh          : Asmarandana
Guguritan    : Bungbulang Dina Kelewih
Lagu                    : Bungbulang
Cangkang:
Bungbulang dina kelewih
Pacar tere kaanginan
Suuk melentung di kebon
Bubuk piring pakauman ( ya pakauman)
Bendungan di sisi situ
Peusing saha di panjara
Eusina:
Mangga agan[4] geura mulih
Bilih tereh kauninga
Kumaha lamun kadongdon
Ulah waka luluasan
Bok bilih kenging hukuman (kenging hukuman)
Mugi agan ulah kitu
Ulah nyangsara salira
(Hanca)

[1] Baheula mah nu dianggap alus teh huntu nu hideung, nu dimati disebutna, jeung harita mah huntu teh sok digusar.
[2] Kecap Juag dipake pikeun sebutan kadeudeuh
[3] Juragan sebutan pamimpin baheula
[4] Agan pondokna tina juragan

Kasusastraan Sunda; Guguritan (Bagian Kagenep)

Guguritan
Guguritan teh minangka judul karangan anu dina wangun pupuh. Conto-contona:
  1. Dina Pupuh Kinanti aya guguritan kembang Eros, Parahu Laju Didayung jeung sajabana
  2. Dina Pupuh Asmarandana aya Guguritan: Eling-eling mangka eling
  3. Dina Pupuh Dangdanggula aya guguritan: Bandera Urang, Kembang Cau, Mega Beureum.
  4. Jeung sajabana
Nurutkeun wangunna eta guguritan teh :
  1. Carita
  2. Sindiran Dangding
  3. Wawangsalan Dangding
Ari numutkeun eusina mah guguritan teh jembar pisan, sakumaha dina wawacan upamana bisa nyaritakeun lalakon, kasusahan, kabingungan, kasedihan, kabungahan, ngambek, perang, wawaran jeung sajabana.
Conto-conto pupuh :
1.   Pucung 
Utamana jalma kudu rea batur
keur silih tulungan
silih nitipkeun nya diri
Budi akal lantaran ti pada jalma
2.   Lambang
Urang kudu inget pisan
Nya diajar di sakola
Kudu gura-giru bisa
Sing inget ka indung bapa
3.   Pupuh Magatru
Guguritan      : Peuyeum Sampeu
lagu                : Buhun
Peuyeum sampeu dagangan ti Ranca Purut
Dijual dua saduit
Dibungkusan daun waru
Dituruban daun jati
Katuangan anu ompong
Guguritan       : Majalaya
Lagu               : Buhun
Majalaya Ciparay, Banjaran, Bandung
Kopo, Rongga, Cisondari
Cicalengka, Ujung Berung
Rajamandala, Cimahi
Leles, Limbangan, Tarogong
4.  Pupuh Maskumambang
Guguritan      : He Barudak
Lagu               : Buhun
He barudak kudu mikir ti leuleutik
Maneh kahutangan
Ku kolot ti barang lahir
Nepi ka ayeuna pisan
5.  Pupuh Pangkur
Guguritan      : Seja Nyaba (dicutat tina wawacan
                          Panji Wulung)
Lagu               : Buhun
Seja nyaba ngalalana
Ngitung lembur ngajajah milang kori
Henteu puguh nu dijugjug
Balik paman sadaya
Nu ti mana tiluan semu rarusuh
Lurah begal ngawalonan
Aing ngaran Jaya Pati
6.  Pupuh Balakbak
Guguritan      : Aya Warung
Lagu               : Buhun
aya warung sisi jalan rame pisan
Citameng
Awewena bisa pisan ngala duit
Ngagoreng
Lalakina – lalakina los ka pipir nyoo hayam
Si Rengge
Guguritan      : Awewena
Lagu               : Buhun
Awewena loba pisan caritana
Cerewed
Lamun henteu panuju kasalakina
Ngeceblek
Salakina-salakina cicing bae teu ngalawan
Nyerengeh
Guguritan      : Palered
Lagu               : Buhun
Di dinya mah loba pisan gagarabah
Palered
Aya maung, hayam, entog, meri, soang
Jeung monyet
Didagangkeun-didagankeun di tokona loba pisan
Ngaberes
7.   Pupuh Mijil
Guguritan      : Putra Pringgandani
Lagu               : Buhun
Mesat ngapung Putra Pringgandani
Jeung mega geus awor
Beuki lila beuki luhur bae
Larak-lirik ningali ka bumi
Milari Sang Rayi
Pangeran Bimanyu
Guguritan       : Pamaksadan Hasil
Lagu               : Buhun
Lamun hayang pamaksadan hasil
Sing loba kanyaho
Jeung kahayang ditambah kadaek
Hiji deui perlu kapimilik
Kabisa nu mahi
Sakitu teh cukup
Guguritan       : Bapak Tani
Lagu               : Buhun
Bapa Tani nu di tepis wiring
Pakena kalotor
Dudukuyna oge geus laledeh
Manggul pacul jeung ngajingjing arit
Gambarna patani
Tah eta teh kitu
8.   Pupuh Sinom
Guguritan      : Tawis Kabingah
Lagu               : Pangrawit
Sinom tawis kabingahan
Kabingahan tanpa tanding
Teu kagambar ku rumpaka
Henteu kasanggi ku dangding
Patepang sareng wargi
Nu cunduk ti lembur-lembur
Ketua KTNA
Mugi-mugi nambih andil
Ngaronjatkeun karaharjan masarakat
9.   Pupuh Asmarandana
Guguritan      : Eling-eling mangka eling
Lagu               : Buhun
Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Napsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan
Gururitan       : Eling-eling Murangkalih
Lagu               : Buhun
Eling-eling murangkalih
Kudu apik jeung berseka
Ulah odoh ka panganggo
Mun kotor geuwat seuseuhan
Soeh geuwat kaputan
Ka nu buruk masing butuh
Ka nu anyar masing lebar
Nu rujit mawa kasakit
Mawa cela ka salira
Katenjo ku batur awon
Tungtungna urang dihina
Ku pada babaturan
Batur the geus tangtu embung
Babarengan eujeung urang
10. Pupuh Wirangrong
Guguritan      : Daun Kaliki
Lagu               : Buhun
Daun kaliki ditulis
Karinding laguna goyong
Samangka kabeuki ciung
Disuakan awi tali
Meungpeun carang ku ayakan
Api-api kurang awas
11. Pupuh Dangdanggula
Guguritan      : Bandera Urang
Tina                : Panji Pustaka
Anggitan                : MA Salmun
a. Ngerab-ngerab katebak ku angin
Beureum bodas hebat tapi waos
Dua warna pulas polos
Ti luhur beureum alus
Perlambangna sugih kawani
Teguh tanggoh tur gagah
Dina perang tarung
Suka pejet batang ngejat
Kajeun lebur teu lebar naruhkeun pati
Bumela ka nagara
b. Pulas bodas warna anu murni
Suci setra alah batan sutra
Sasmita beresih hate
Perlambang budi luhung
Suci tina geugeuleuh galih
Tur adil palamarta
Pengkuh teu salingkuh
Beuneur bebeneranana
Kersa bakti gumati terus jeung ati
Ka nusa jeung ka bangsa
c. Beureum bodas wani sarta suci
Netenggeran sa-Indonesia
Sing lambat lambut ngelebet
Ngebutkeun bayu wahyu
Mawat jaya daya sajati
Rahayu mulya raya
Ari saratna sarupa
Kudu bakti sewu-sewu seuweu siwi
Sawawa sawajarna
12. Pupuh Sinom
Guguritan      : Sinar Bulan
Lagu               : Cahya Sumirat
Sinar bulan mani mencrang
Tengah peuting sepi jempling
Di langit bentang baranang
Ngahibaran diri kuring
Anu keur langlang-lingling
Ngawaskeun nu keur ngalantung
Kuring teu anggang leumpang
Sanajan kitu teu cicing
hate kuring baluang ngantosan beurang
13. Pupuh : Kinanti
Gugurintan    : Anaking Jungjunan Kalbu
Lagu               : Panimang
Anaking jungjunan kalbu
Didu’akeun siang wengi
Salira sing panjang yuswa
Salira masing walagri
Jeung masing luhur darajat
Sabar soleh suci galih
Guguritan       : Pangrungrum Bangun Aralum
Lagu               : Ninun
Pangrungrum bangun aralum
Hariring sari nu ketir (deuh masing deudeuh)
Haleuang sada nalangsa
Nganti-nganti seuweu siwi
Para putra-putri Sunda
Tumandang di medan seni
(Dicutat tina Ganda Mekar)
14. Pupuh   : Dangdanggula
Gururitan       : Dangdanggula Purwaning Hariring
Dangdanggula purwaning hariring
Tawis bingah nu tanpa wangenan
Ngiring bingah ka panganten
Anu nembe ngadahup
Takdir diri dihin pinasti
Nyatana ayeuna
Kersa Maha Agung
Pangerab Nu Murbeng Alam
Mugi-mugi ieu panganten sakalih
Bagja salalawasna
Saterusna ieu aya sababaraha pada guguritan. Cobi tengetan bandingkeun sareng conto anu ditulis ti payun, taksir pupuh naon?
1. Pupuh      :......?
Kueh-kueh anu aya di lembur-lembur
Lapis legit jeung papais
Simping opak, apem, cuhcur,
Wajit, bolu, kueh ali
Angleng, semprong jeung kolontong
2. Pupuh      : ....?
Wuluku, garu, pasangan
Sawarehna tina parabot patani
Parang, congkrang, pacul, garpuh,
Susurung jeung lalandak
Kored, cungkir, lanjam diwuwuh ku pecut
Tambang oge teu kaliwat
Kasasup tali kondali
3. Pupuh      :.?
Planet panon peo urang
Merkurius ngaranna anu kahiji
Anu kaduana Venus
Ari nu katiluna
Ieu pisan bumi tempat urang hirup
Ari anu sejena mah
Pek sebutan hiji-hiji
4. Pupuh      :
Nun sumuhun nu ieu wastana curuk
Ari nu sisi mah cinggir
Anu di tengah jajangkung
Nu caket cinggir jariri
Indung leungeun anu pondok
5. Pupuh      :
Ari tabeat penjajah
Teu mikirkeun karahajaan pribumi
Asal maranehna wungkul
Harirupna ngacak ngebur
Henteu cara pribumina
Sangsara salalawasna
6. Pupuh      : ?
Guguritan  : Nyambut
Hayoh tarik wulukuna masing jujur
Entong ka sisi ka gigir
Nincakna kakalem wungkul
Geus di tungtung mideur deui
Kitu bae ulah poho
7. Pupuh      : ?
Guguritan  : Melak Pare
Lamun hayang pelak pare alus mulus
Sing alus garapan
Jeung sing alus ngarur cai
Jeung pupukna 2 X ku urang kudu cukupan
Tandurna ge ku urang kudu diatur
Kudu tandur jajar
Sarta ulah ombol teuing
Umur binih 2 X ulah pisan kakolotan
Piaraan pelak pare kudu alus
Ngarambet ngarandak
Ngored galeng oge deui
Moal hade 2 X upama urang culculan
8. Pupuh      : ?
Anak-anak lurah Semar Badranaya
Garoreng
Aya anu disebut si Udawala
Si Udel
Aya deui 2 X hiji deui anu bungsuna
Si Gareng
9. Pupuh      : ?
Lampah beuteur ku urang ulah ditiru
Jorok baranghakan
Cacing ngaringkuk disantok
Teu nyahoeun jerona aya useupan
10. Pupuh    : ?
Sangkan untung urang kudu boga elmu
Jeung aya kahayang
Dibarengan ku kadaek
Hiji deui 2 X saratna aya kabisa
11. Pupuh    : ?
Rebab raja kanayagan
Ari kendang eta nu jadi papatih
Gambang bonang ketuk kempul
Taat kana parentah
Sang gamelan saron oge pada tuhu
Kecrek ge milu marentah
Goong anu ngaheueuhan
12.  Pupuh   : ?
Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir
Pacikrak ngalawan merak
Anjing ngagogogan kalong
Cileungcang mande sagara
Jogjog neureuyan loa
Ngajul bentang ku asiwung
Cecendet mande kiara
(Hanca)

Kasusastraan Sunda; Lagu-lagu Pupuh (Bagian kalima)

Lagu-Lagu Pupuh
Pupuh teh raket pisan jeung lagu. Saban pupuh aya laguna masing-masing. Nya ieu di antarana lagu-lagu nu aya dina saban pupuh.
  1. Dina pupuh dangdanggula di antarana:
    1. Lagu dina laras Salendro
    2. Lagu Bayubud
  2. Dina pupuh Sinom di antarana:
    1. Sinom Pangrawit
    2. Sinom Degung
    3. Sinom Liwung
    4. Sinom Cirebonan
    5. Sinom Cahya Sumirat
    6. Sinom Kapati-pati
  3. Dina pupuh Asmarandana di antarana:
    1. lagu Buhun
    2. lagu Ceurik Oma
    3. lagu Pamuradan
    4. lagu Randegan
    5. lagu Bungbulang
  4. Dina Pupuh Kinanti di antarana:
    1. Lagu Buhun
    2. Kidung Pelog
    3. Kidung Salendro
    4. Kidung Pa Rusmana
    5. Ceurik Rahwana
    6. Pacul Goang
    7. Ninun
    8. Kinanti Degung
    9. Panimang
    10. Jeung sajabana

Kasusastraan Sunda; Aturan Pupuh (Bagian Kaopat)

Aturan Pupuh
Malenan nu geus kacatur di luhur, karangan dibagi kana dua golongan:
  1. Basa Lancaran (prosa)
  2. Basa Ugeran (puisi)
Basa lancaran nyaeta karangan anu teu kauger ku aturan pupuh jeung sajabana. Karangan anu kieu leuwih babari nyusunna dibangdingkeun jeung wawacan. Tapi sanajan kitu pikeun anu can bisa mah tetep bae hese. Da apan kudu narik kanu macana. Karangan anu kieu oge biasana sok dipapaesan ku purwakanti, babasan, paribasa, ibarat, sisindiran, wawangsalan, jeung sajabana.
Ari basa ugeran kauger ku aturan-aturan, anu kaasup kana basa ugeran aya opat golongan nyaeta pupuh, sisindiran, wawangsalan, jeung sajak.
Ari anu jadi aturan pupuh, utamana aya tilu:
1. Lobana padalisan (jajaran dina saban pada )
Conto:
Kinanti, sakalieun nembangkeun aya genep padalisan (jajaran).
2. Lobana engang (suku kata) dina saban padalisan.
Conto:
Bu-dak leu-tik bi-sa nga-pung (padalisan ieu engangna aya dalapan, sora engang panungtungna “u” dina kecap “pung”)
 3. Sora engang panungtung.
Contona :
Pupuh kinanti
Sapadana aya 6 padalisan.
Padalisan kahiji      : 8 engang, dina engang panungtung
u (8u)
Padalisan kadua    : 8 engang, dina engang panungtung
i (8i)
Padalisan katilu      : 8 engang, dina engang panungtung
a (8a)
Padalisan kaopat    : 8 engang, dina engang panungtung
i (8i)
Padalisan kalima    : 8 engang, dina engang panungtung
a (8a)
Padalisan kagenep  : 8 engang, dina engang panungtung
i (8i)
Ngarah babari ngapalkeunnana, sebut bae :
Kinanti : du di da di da di
Coba tengetah ieu pupuh kinanti guguritan kembang eros!
Padalisan kahiji      : kembang ros ku matak lucu
Padalisan kadua    : nya alus rupa nya seungit
Padalisan katilu      : henteu aya papadana
Padalisan kaopat    : ratuning kembang sajati
Padalisan kalima    : Mustikaning patamanan
Padalisan kagenep  : seungit manis ngadalingding
Ieu conto rumus anu sejenna:
Pupuh Sinom: da, di, da, di, ti, du, ta, di, duba (=12, kudu 4 engang ditambah 8 engang bari sora panungtungna kudu “a”))
Pupuh Asmarandana : di, da, de/do, da, ta, du, da.
(Hanca)

Kasusastraan Sunda; Watek Pupuh (Bagian katilu)

Watek Pupuh
Saur para ahli, saban pupuh ngabogaan watek masing-masing. Hartina aya kahususan yen saban-saban pupuh digunakeun pikeun nyaritakeun pangalaman atawa pikeun ngedalkeun maksud jeung tujuan. Hal ieu teh dicekel deleg kunu ngarang wawacan. Di luar eta mah aya bae anu karangannana pasalia jeung watek pupuh
Nya ieu watek saban-saban pupuh:
  1. Kinanti paranti nyaritakeun rasa silih asih
  2. Dangdanggula paranti nyaritakeun kabungahan anu pohara
  3. Sinom paranti nyaritakeun kabungahan
  4. Asmarandana paranti nyaritakeun pangalaman katarik asmara
  5. Pangkur paranti nyaritakeun nu ngalalana
  6. Pucung paranti nyaritakeun wawaran
  7. Maskumambang paranti nyaritakeun kasedihan
  8. Mijil paranti nyaritakeun nyangharepan nu pikabingungeun.
  9. Durma paranti nyaritakeun kaambek atawa kaayaan perang
  10. Wirangrong paranti nyaritakeun nu kawiwirangan
  11. Balakbak paranti nyaritakeun lulucon.
  12. Gambuh paranti ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
  13. Gurisa paranti ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
  14. Juru Demung pikeun ngagambarkeun rasa kabingung atawa kasusah kana naon anu kudu dilakukeun.
  15. Lambang paranti ngagambarkeun lulucon atawa banyol anu ngandung perkara anu kudu dipikirkeun.
  16. Ladrang paranti ngagambarkeun lulucon atawa banyol pikeun maksud nyindiran
  17. Magatru paranti ngagambarkeun rasa kasedih atawa kaduhung ku kalakuan sorangan atawa nu eusina nasehat.
(Hanca)

Kasusastraan Sunda; Pupuh (Bagian kadua)

Pupuh
Saperti nu geus kacatur di bagian kahiji, pupuh teh kaasup kana karangan anu kauger ku aturan.
Disebutkeun yen pupuh teh kabehna aya tujuh belas, malah aya anu nyebutkeun 21.
Pupuh anu 17  teh dibagi dua bagian :
1.  Sekar ageung
     a. Kinanti
     b. Dangdanggula
     c. Sinom
     d. Asmaranda
2.  Sekar Alit
     a. Lambang
     b. Ladrang
     c. Maskumambang
     d. Wirangrong
     e. Pucung
     f. Pangkur
     g. Magatru
     h. Mijil
     i. Balakbak
     j. Durma
    k. Gurisa
     l. Gambuh
    m. Jurudemung
Di sagigireun eta aya sababaraha lagu anu sok dihaleuangkeun ku tukang tembang dina kacapi suling, di antarana :
  1. Papatet
  2. Mupu Kembang
  3. Bangkong
  4. Pangapungan
(Hanca)

Kasusastraan Sunda (Bagian kahiji)

Kasusastraan sunda wancahna tina kasusastraan. Asalna tina kecap "su" anu hartina alus jeung "sastra" anu hartina tulisan atawa karangan. Jadi kasusastraan teh hartina karangan anu alus. Alus kumaha?

Karangan anu kaasup kana kasusastraan bisa ngahudang rasa hate ngadidik budi nepi ka anu maca teh kapangaruhan. Loba kajadian anu maca karangan anu alus tibarang mimiti dibaca teu dilesotkeun satacan anggeus macana. Aya deui kajadian anu maca lalakon sedih, make nyurucud cipanon. Teu sadar yen anu dicaritakeun dina karangan teh kadar carita teu aya kanyataanana. Kitu deui upama maca lalakon anu piambekkeun, pikangewaeun, pikabungaheun, jeung sajabana gede pisan pangaruhna kanu macana.

Basa nu dipake kunu ngarang disebutna basa bujangga. Kecap-kecapna makna biasa bae ngan kusabab bisa nyusunna nu dicaritakeun teh eces, ebreh dina pikiran nu macana.

Anu ahli kana ngarang karangan anu alus kitu disebutna bujangga, ahli basa atawa ahli sastra. Kusabab kitu sok disebut oge sastrawan. Kasusastraan Sunda Kasusastraan sunda wancahna tina kasusastraan. Asalna tina kecap su anu hartina alus jeung sastra anu hartina tulisan atawa karangan. Jadi kasusastraan teh hartina karangan anu alus. Alus kumaha? Karangan anu kaasup kana kasusastraan bisa ngahudang rasa hate ngadidik budi nepi ka anu maca teh kapangaruhan. Loba kajadian anu maca karangan anu alus tibarang mimiti dibaca teu dilesotkeun satacan anggeus macana. Aya deui kajadian anu maca lalakon sedih, make nyurucud cipanon. Teu sadar yen anu dicaritakeun dina karangan teh kadar carita teu aya kanyataannana. Kitu deui upama maca lalakon anu piambekkeun, pikangewaeun, pikabungaheun, jeung sajabana gede pisan pangaruhna kanu macana. Basa nu dipake kunu ngarang disebutna basa bujangga. Kecap-kecapna makna biasa bae ngan kusabab bisa nyusunna nu dicaritakeun teh eces, ebreh dina pikiran nu macana. Anu ahli kana ngarang karangan anu alus kitu disebutna bujangga. Ahli basa, ahli sastra. Kusabab kitu sok disebut oge sastrawan.

Karangan para punjangga aya dua rupa, nyaeta basa ugeran, puisi jeung basa landaran (prosa). Loba pisan karangan sastrawan sunda, prosa oge puisi. Kawasna di bale pustaka mah araya keneh sarta loba karangan sastrawan sunda, kawantun dipiara dihade-hade.

Karangan anu panjang dina basa ugeran disebutna wawacan nyaritakeun nu ngarang dina wawacan make pupuh-pupuh kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula, Landrang, Sambang, Maskumambang, Pangkur, Magatru, jeung sajabana.

Saba wawacan teh, diantarana aya wawacan Panji Wulung. Wawacan Munding Laya Dikusumah, Wawacan Purnama Alam, jeung sajabana. Anu kusim kuring kungsi dibaca sabagiannana nyaeta wawacan Purnama Alam. Kagambar dina pikiran jelas geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina sarta tandang gandang pertentang, Putri Jin Ratna Suminar, kitu deui kacipta kasepna Purnama Alam anu dilalalakon keun dina eta wawacan. Eta wawacan purnama alam 12 jilid karandel. Kagambar kumaha panjangna eta carita.

Kabiasaan urang Sunda baheula sok maca wawacan, pikiran macana dihariringkeun make lagu buhun saban-saban pupuh, anu sejenna ngariung ngadarengekeun.

Tos heula urusan eta, ayeuna urang nyaritakeun basa ugeran. Basa ugeran teh nyaeta karangan anu kauger ku aturan-aturan. Anu kaasup kana basa ugeran nyeta: pupuh, sisindiran, wawangsalan, jeung sajak.

Pupuh raket pisan kaitannana jeung lagu. Dina hiji pupuh sok aya sababaraha lagu, ari lagu-lagu anu sairna teu kaasup kana pupuh, disebutna kawih.

(Hanca)